Diajar basa Sunda. Sakali deui naokidan, "diajar"
margi simkuring ogé sanés pakarna.
Diantawis kalimah-kalimah anu lepat diunikeunnana nalika
nyarios basa Sunda:
Rumus, bahasa ka diri mah rada kasar, ka rerencangan mah
loma (sedeng) sareng ka saluhureun atanapi ka jalmi terhormat mah kedah lemes.
Conto:
"Simkuring rék saré"
"Babaturan keur saré"
"Pun bapa nuju kulem."
"Simkuring rék mios"
"Babaturan keur indit"
"Pun bapa nuju angkat."
"Simkuring keur neda"
"Rerencangan keur dahar"
"Pun bapa nuju tuang"
"Pun lanceuk"
"Raka anjeunna"
"Pun adi"
"Rayi Anjeunna"
Aya kecap-kecap nu terkadang lepat sapertoskeun nganggo
kecap "pun".
Pun= Abdi
Pun lanceuk= Lanceuk abdi
Pun bapa= Bapa abdi
Pun paman= Mamang abdi
Atuh lepat saupami nyebatkeun "pun" ka batur.
Misal "Pun guru" tapi (niat nyaurkeun guru anjeun)=lepat.
Ogé dina basa Sunda mah henteu aya diptong. Anu diserat
sareng disaurkeunnana sami. Ogé dina basa Sunda mah henteu aya hurup
"f" Misalkeun kecap:
"masarakat"; (Masyarakat, red. Indonesia)
"Manpaat": (Manfaat)
"Niyat"; (Niat)
"Pikir"; (fikir)
Ogé dina Sunda aya bénten-bénten hurup. Misal:
"E (tikoro rada kahandap), é (cangkem rada nyengir), eu
(tikoro rada kaluhur)"
E: "Betah, resep, kalem", jsb.
É: "Méwék (ceurik), béré (pasih), hésé (susah)"
jsb
Eu: "Ngeunah (nikmat), beuleum sampeu, meureun
(mungkin), keuheul (benci, bendu)", jsb.
Diantawis éta kaidah sareng kecap-kecap anu terkadang salah
sawios urang sunda sok lepat ngalarapkeunnana. Hapunten tangtos seueur lepatna.
Mangga anu lepat tiasa disarungsum dina komentar.
Wilujeng énjing!
#reboNYUNDA
Comments
Post a Comment