Doa Kanggo Panganten



Dina tradisi daerah sakumaha anu tos diajarkeun ku para ulama urang yen dina akad nikah aya tradisi ngaamprokeun calon istri sareng calon pameget. Biasana tradisi ieu dilakukeun saparantos akad nikah. Tradisi eta nandakeun yen duanana istri atanapi pameget eta parantos halal.


Sanes ngan diamprokkeun hungkul namung pasangan eta oge di doakeun supados sakinah sareng barokah.

Dicutat tina kitab Muhyiddin Abu Zakaria Yahya bin Syaraf al-Nawawi al-Dimasyqi, Al-Adzkâr al-Muntakhabah min Kalâmi Sayyid al-Abrâr (Surabaya: Kharisma, 1998), hal. 284, di handap ieu doa anu parantos ka warid kanggo ngadoakeun anu parantos akad:


بَارَكَ اللهُ لِكُلِّ وَاحِدٍ مِنَّا فِي صَاحِبِهِ أَللهُمَّ إِنِّي أَسْأَلُكَ خَيْرَهَا وَخَيْرَ مَا جَبَلْتَهَا عَلَيْهِ وَأَعُوْذُ بِكَ مِنْ شَرِّهَا وَشَرِّ مَا جَبَلْتَهَا عَلَيْهِ

Bârakallâhu likulli wâhidin minnâ fî shâhibihi. Allahumma innî as`aluka khairahâ wa khaira mâ jabaltahâ ‘alaihi wa a’ûdzu bika min syarrihâ wa min syarri ma jabaltahâ ‘alaihi

“Mugia Alloh Taala maparin barokah ka saban-saban jalmi (anu dua ieu) dina sasarengannana. Nun Gusti, abdi nyuhunkeun kasaeanana sareng kasaean pasangannana, abdi nyalindung tina kaawonanana sareng kaawonnan pasangannana. “

Mugia manpaat. Amiin

Allaahu a'lamu...

Comments