Lamun seug aya anu bade ngamalkeun Al-Qur’an, mimitian ku ngamalkeun ayat
anu kahiji nyaeta "Bismillah" dina satiap tumandang
kana padamelan. Saupami henteu aya dadasar bismillah mangka ayat-ayat salianna
bakal sesah diamalkeunana. Lir ibarat urang bade ngawangun bumi sing kiat heula
dadasarna. Kumargi sakitu urang sing kiat heula ngalenyepan sareng ngamalkeun
kana bismillah.
Diantawis jenengan Gusti Alloh Anu Agung, Mantenna henteu nganggo jenengan
sane diantawisna henteu nganggo lapad Al-Mulk (Anu Ngarajaan) atanapi Al-Aziz
(Anu Mulya) oge deuih henteu nganggo jenengan Al-Mutakabbir (Anu Kagungan
Kaagungan), namung Anjeunna milih Ar-Rahmaan Ar-Rahiim (Anu welas tur Anu Asih)
Geuningan ngabukti anu pangpayuna disebat dina Al-Quran estu sifat Welas
tur Asih. Naha urang parantos miconto kana sifat Alloh Taala anu eta? Ku
ngamalkeun bismillah mangka urang diajar maparin sipat welas tur asih ka mahluk
lian, boh mahluk lian eta midamel codeka ka urang atanapi henteu. Wali Alloh
Siti Robi’ah Al-Adawiyah henteu kagungan keuheul ka Iblis margi manahna
dipinuhan ku sipat welas tur asih.
Saupami aya satitik kakeuheul ka manusa, mungkin wae eta karana urang teu
acan wawuh pisan saha anu nyiptakeun manusa jeung teu acan ngamalkeun eusi kana
bismillah anu sabenerna. Sok sanaos urang kedah ngahukuman jalmi mangka hukuman
kalayan mayunkeun rasa welas tur asih ka anjeunna, sanes karana ngewa (keuheul).
Sakumaha salah sawios Hadits Kangjeng Rosul nyaurkeun:
“Pikanyaah mahluk anu aya di bumi mangka mahluk anu aya dilangit bakal
mikanyaah aranjeun”.
Teras simkuring ngagambarkeun ajaibna bismillah kirang langkung sapertos
kieu!
Salah sawios preman di pasar miwarang ladenna anu nembean anclub, panginten
bakal nyarios: “Cokot jatah urang ti jalma-jalma, sebutkeun we yen ajeun teh
utusan kuring!” Mangka pajeg oge gampang beunang sok sanajan dicandakna ku
jalmi begung.
Misal deui anu ngalanggar lalu lintas nalika di tilang bisa wae ngucapkeun “Kuring
teh dulurna pejabat A”, mangka polisi anu dek nilang oge embungeun urusanna
jadi panjang, panginten bakal ngaleupaskeun anu ditilang eta.
Misal deui oknum pejabat anu hoyong sodarana meunang tender, sigana bakal
ngobrol ka sodarana eta “Sebutkeun we ngaran kuring, panitia tenderna kenal
pisan jeung simkuring malah baheula aya anu jadi anak buah kuring.” Mangka
urusan tender oge bisa jadi beres.
Nembe nyebatkeun nami jalmi-jalmi biasa wae urusan bisa jadi lancar sok
sanaos sapalih panginten ngalanggar kana hukum sareng sanes conto anu sae. Komo
deui upami urang nyebatkeun Alloh Taala Anu Ngamilik alam jagat.
Upami ngemutan kisah Raja Sulaiman, Karaton Ratu Bilqis tiasa ngalih
kalawan perantaraan ahli elmu anu ngaoskeun bismillah.
Ku ngaoskeun bismillah dian satiap aktipitas, mangka saolah urang sasauran
ka ]alam jagat, “He alam jagat! Kuring teh abdina Alloh Taala mangka pek turut
anjeun ka kami kalayan Asmana Alloh.” Mun seug gusti Alloh nyubadanan mangka
Anjeunna bakal nungkulkeun alam jagat ieu pikeun turut ka abdina.
Alloohu a’lamu.
Hatur nuhun ka anu tos ngaos kotretan simkuring. Kotretan ieu sumberna tina
situs NU Online. Mugia barokah. Amiin
Kotretan asli: Roziqin, Dosen Hukum Universitas Nahdlatul Ulama Indonesia (Unusia) Jakarta.
Comments
Post a Comment