![]() |
Doc: (Palih kanan) Pun aki, pun biang, simkuring sareng pun bapak |
"Aranjeun ulah ngadidik putera sapertikeun (cara) ngadidikna bapa ka aranjeun! (Da) nyata béda zamanna bapak sareng zamanna aranjeun." (Sayyidina Ali R.A)
Almarhum pun aki ngadidik murangkalihna ku cara "kieu". Panginten menurut para puterana mah rada keras, tapi kan karaos manfaatna mah dina waktos akhir. Karaos pisan basa simkuring calik di bumi pun aki, ka simkuring oge ngadidikna rada keras, tapi ku hikmahna yén simkuring henteu kénging kedul, henteu kénging ogoan sinareng henteu kénging talangké, saupami aya tugas énggal-énggal bereskeun.
Didikan anu janten aki sapertos kitu, namung simkuring ningal ka salahsawios puterana nyaéta pun bapak, bénten pisan cara ngadidikna pun bapa sareng cara ngadidikna pun aki. Dugi ka pun bapak mah kantos nyarioskeun kieu:
"Bapa mah moal ngadidik anak ku (cara) saperti kitu (cara ngadidik pun aki), cekap bapa anu ngaraoskeun. Bapak mah rék nyenangkeun ka para putera, dina masalah pendidikan sok rék dianteurkeun nepi ka mana ogé selama mampu."
Pun bapa mah leuleuy, henteu seueur ngatur, upami murangkalihna aya kahoyong pasti dicumponan salami anjeunna mampuh sareng maparin pasilitas sareng jaminan pendidikan kanggo puterana tara pelit, sok sanaos panginten ka simkuring ayeuna mah bénten, wajar da panginten parantos déwasa. Ku cara ngadidik sapertos kitu ngajanten pala puterana ngahormat, mandut (taat) ogé para putera caraket ka anu janten sepuhna. Karaos ku simkuring sok sanaos parantos sagedé badag kieu, sa minggon sakali wé henteu pendak sareng ortu téh mni asa lami, sok sanaos orang tua sok di Ciamis simkuring selalu maksakeun ngalongok, hoyong tepang.
Zamanna pun aki, zamanna pun bapa, zamanna urang ogé zamanna putera-puteri urang tangtos bénten, mangka cara ngadidikna ogé kedah bénten.
" لا تربوا أولادكم كما رباكم آباؤكم ،، فقد خُلقوا لزمان غير زمانكم "
(علي بن أبي طالب رضي الله عنه)
(علي بن أبي طالب رضي الله عنه)
-Sayyidina Ali Karramallahu Wajhah-
-----
-----
Kanggo almarhum pun aki abah H. Saripin bin Suhaémi, Alfaatihah... 1x
Aamiin...
Aamiin...
Comments
Post a Comment