![]() |
Masjid mangrupikeun bumina Alloh Taala oge masjid teh mangrupikeun pangsae-saena bangunan. |
Isro teh ti masjid ka masjid. Hal ieu ngaisyaratkeun yen aya hiji kaistimewaan tina hiji bangunan anu dinamian masjid. Kautamaan masjid sakumaha dina sababaraha ayat Al-Quran anu ngeunaan bangunan masjid diantawisna masjid teh tempat khusus kanggo jalmi anu takwa oge diantawis kabiasaan jalmi anu iman ka Alloh SWT sareng iman kana poe akhir nyaeta sok ngaramekeun masjid.
Masjid teh mangrupikeun bumina Alloh sareng mangrupikeun pangsae-saena bangunan. Atuh kanggo urang oge salaku abdina Alloh sing tiasa ngamumule masjid dinantawisna ku nyeueurkeun i'tikaf di masjid.
Urang kedah sering calik di masjid kalayan diniyatan i'tikaf. Kangjeng Rosululloh kantos ngandika:
"Masjid teh bumina jalmi anu taqwa."
Oge parantos ngandika deui:
"Dimana-mana anjeun ningali hiji jalmi anu sering ka masjdi mangka saksian ku anjeun yen eta jalmi teh jalmi anu gaduh iman (sampurna)."
Gusti Alloh SWT parantos ngadawuh:
"Pastina jalmi anu anu sok ngaramekeun (ngahirup-hirup) masjid-masjid Alloh eta teh jalmi anu iman ka Alloh sareng iman kana poe akhir."
Gusti Alloh Taala parantos janji tina sapalih jalmi anu bakal kenging iuh-iuh arasy dina poenan henteu aya iuh-iuh anging iuh-iuhna Alloh Taala nyaeta jalmi anu manahna sok cumantel ka masjid, sok kaluar ti masjid oge uih deui ka masjid.
Kanggo jalmi anu resep calik di msjid aya adab-adabannana diantawisna kedah ngahormat masjid , henteu kenging seueur nyarios anu henteu aya manfaatna kantenan nyarioskeun hal anu dilarang ku agama. Saupami kadangu aya anu nyarioskeun hal-hal eta mangka urang kedah enggal-enggal kaluar masjid.
Nalika di lebet masjid urang henteu kenging katungkul kecuali katungkul ku ibadah hungkul da saestuna masjid mah dibangun pikeun ibadah. Pas lebet ka masjid lengkahkeun sampean anu palih katuhu sareng ngado'a: "Bismillaahi wassholaatu 'alaa rosuulillaahi alloohummaghfir lii dzunuubii waftahlii abwaaba rohmatika." Oge henteu kenging calik anging shalat heula dua rokaat. Saupami urang henteu kabujeng shalat mangka aoskeun : "Subhaanalloohi walhamdulillaahi walaa ilaaha illallooh walloohu akbar" opat uihan. Saupami urang kaluar masjid mangka payunkeun sampean anu kidal sareng ngaos doa "Alloohummaghfirlii dzunuubii waftahlii abwaaba fadlika" oge ditambiahan doa: "A'uudzu billaahi minassyaithaanirrajiimi wa junuudihi."
Walloohu a'lamu.
Referensi tina kitab Risaalatul mu'awanah kalayan hartosna dirobih sapuratina.
Comments
Post a Comment