Ngaluruskeun Niat


Urang kedah ngaluruskeun niat, ngaikhlaskeun oge ngawungkulkeunnana kanggo milari ridlo Alloh SWT. Dina sahenteu acan urang tumandang kana hiji padamelan urang kedah ngemut-ngemut heula niatna, da saestuna niat teh pondasina amal oge bakal sahna pirang-pirang amal eta gumantung kana niatna, bade janten sae eta padamelan teh atanapi janten awon kumaha niatna. Kangjeng Rosul parantos ngadawuh:

"Saestuna pirang-pirang amal teh eta tergantung kana niat, sareng pastina satiap urusan sakumaha niat."

Urang henteu kenging wawantunanan nyarios hiji cariosan atanapi midamel hiji padamelan oge ngazam kana hiji perkara anging didasari seja taqorub (nyaketkeun diri) ka Alloh SWT oge seja nyuprih ganjaran ti Gusti Alloh SWT margi Mantenna parantos nyimpen ganjarannana tina naon anu diniatkeun sae ku urang oge tina padamelan anu sae eta tiasa janten washilah terbukana panto nugraha sareng fadlolna Alloh SWT.

Urang kedah emut yen  taqorub henteu sah anging ku perkara anu parantos disaurkeun oge ku anu parntos dicontokeun ku Kangjeng Rosululloh SAW tina pirang-pirang kafardluan atanapi pirang-pirang pasunatan.

Bakal janten pahala tina niat anu leres (bakal janten ibadah) sok sanaos perkara eta teh hukumna mubah tina kusabab saena niat. Sapertoskeun urang tuang kalayan niat supados kiat ibadah.

Aya hiji kaistimewaan tina masalih niat. Saupami jalmi niat midamel amal sae, teras eta jalmi henteu tiasa nyumponan kana niat sae eta kumargi aya hiji wagelan mangka paniatan eta tetep ngahasilkeun pahala kalayan hiji kasaean, Namung samulihna, saupami jalmi niat midamel amal awon tapi eta jalmi henteu ngalakonan paniatan awon eta mangka eta jalmi henteu kenging balukar ( henteu dosa) tina kusabab niat awon eta. Niat sae bakal kenging ganjaran sok sanaos urang henteu ngalaksanakeunnana, namung tetep urang satiasa-tiasa sing janten jalmi anu jujur, nyumponan kana niat sae eta.

Dimana-mana cumantel (nyambung) antara niat awon sareng amal sae  mangka amal sae eta janten reksak, henteu janten amal sae malih janten awon. Sapertoskeun jalmi midamel amal sae kalayan niat ngahasilkeun harta oge milari kamulyaan. Mangka urang kedah ati-ati dina niat! Niatan seja milari karidloan Alloh SWT, termasuk dina midamel padamelan oge, sok sanaos sanes ibadah saupami niatna sae mangka eta bakal ngajantenkeun pahala kanggo urang.

Comments