4 JENIS JALMI

Doc: Kotretan sareng logat tina kitab Nasoihul Ibad

Jalmi teh kabagi kana 4 bagian, sakumaha Syekh Abdul Qodir Al-Jaelani parantos nyaurkeunana:

Jalmi anu Henteu Gaduh Lisan sareng Henteu Gaduh Manah
Jalmi eta teh osok maksiat ku lisanna, cela jeung bodo mangka urang kedah nebihan ka eta Jalmi

Jalmi anu Gaduh Lisan tapi Henteu Gaduh Manah
Jalmi eta teh osok nyarioskeun hikmah (elmu), nyarios kana piwuruk tapi anjeunna tara ngamalkeun. Eta jalmi mabur tina taat ka Gusti Alloh. Urang kedah nebihan ka eta jalmi supados urang henteu karacunan ku lisan amisna. Seuneu kamaksiyatan bakal ngagebruskeun urang akibat bau manahna.

Jalmi anu Gaduh Manah tapi Henteu Gaduh Lisan
Eta teh jalmi mukmin anu Gusti Alloh parantos nutupan ti mahlukNa, jalmi eta langkung sibuk kana kacacadan salirana, sareng Alloh Taala parantos nyaangan tur maparin makrifat manah kana ruksak sareng awonna nyarios upami cacampuran (gaul) sareng manusa. Jalmi ieu teh waliyulloh anu diraksa tina tutup-tutup Alloh. Urang kedah nyandak (kasaean), cacampuran sareng ngahidmat (ngaladen) ka jalmi ieu mangka Alloh Taala bakal mika cinta ka urang.

Jalmi anu Ngaos Sareng Ngamalkeunna (Boh ku Diri atanapi ka Jalmi Lian)
Ieu jalmi teh uninga ka Alloh sareng uninga kana Ayat Alloh Taala. Sadar yen Alloh parantos nitipkeun kaanehan elmu sareng parantos ngajembarkeun manahna kana nampi elmu. Urang kedah rempan nebihan ka eta jalmi sareng ngantuneun nasehatna.

Walloohu a’lamu.

Mugia taopek sareng hidayah Alloh Taala nyarengan urang. Amiin...

Comments