![]() |
Fose sareng Pun Adi di Pasantren Husnul Khotimah Manonjaya |
Emut cariosan pun bapa, "bapa mah moal ngawaris harta da teu boga, tapi bapa mah rek ngawariskeun élmu ku cara ngalebetkeun murangkalih ka lembaga pendidikan, pek sarakola sing junun!"
Geus ngabukti yen rojongannana pun bapa kana dunia pendidikan ageung kacida. Ieu parantos katingal ku dua soca simkuring. Ti kawit pangorbanannana dina segi bekel, sumangetna sareng sikepna anu teu petot silaturahmi ka ahli-ahli elmu, boh ka para ulama anu aya di lembur atanapi ulama-ulama anu aya di lingkungan tempat damelna.
Simkuring maca hal eta dilatar belakangi ku pangalaman anjeunna dina waktos mondok. Anjeunna ngaraoskeun janten jalmi bodo kumaha karaosna. Sanes anjeunna teu fokus mondok, namung kaayaan anu maksa anjeunna kedah sambil damel malih mah ampir perjalanan ngaosna katoler-toler.
Lamun seug emut hal eta simkuring asa ageung rumaos, anu sakitu dibelaan ku orang tua malah teu tiasa ngalaksanakeun tugas sakumaha mistina. Orang tua seueur capena sementara puterana seueur senangna. Henteu terang iraha ieu putra dewasana.
Ngolebat hiji rasa hoyong ngawujudkeun cita-cita pun bapa sareng cita-cita pun aki anu hoyong gaduh murangkalih soleh tur tiasa mimpin doa dina pas waktos pupusna. sajabi ti eta tiasa mulasara tur ngarukunkeun wargi-wargi anu sanesna. Sok sanaos ningal hiji sareat mah simkuring oge isin ku polah nyalira. Ngaos sahayuna, ahlak anu sakieu buktosna, ibadah oge sakabujengna. tebih pisan sareng tirakatna ahli-ahli elmu pada umumna.
Sok sanaos kitu urang henteu kenging putus harepan yen aya Kakuatan Anu Sagalana, Qodlo jeung Qodar ti Mantenna. Salami urang kersa usaha, tetep tawakal ka Mantenna mangka moal aya anu mustahil mungguh anjeunna. InsyAlloh... Amiin...
Mugia urang dijantenkeun jalmi anu ahli elmu tur tiasa ngamalkeun kana elmuna. Amiin.
Comments
Post a Comment