![]() |
Pangersa Mama Maniis, anjeunna salah sawios ulama besar fan Tasawuf ti Tasikmalaya |
Pengersa Mama Udin Maniis atanapi sering disebat Mama Maniis, mangrupikeun salah sawios ulama anu kasohor di Tasikmalaya. Anjeunna dikenal ulama tasawuf sok sanaos perjalanan elmuna mah tina fan Alat (Kitab Alfiyah anggitan Syekh Ibn Malik). "Jalaran kitab eta anjeunna terbuka elmu tasawuf" (Saur Putuna, pangersa pun guru ti Cibungur).
Aya hiji ibaroh kanggo lampahkeuneun urang tina perjalanan hirup anjeunna. Boh dina sadidintenna atanapi perjalanan nuju ngaosna.
Sakumaha saur rayina, "Diantawis tirakat anjeunna, kaseuseueuran waktos anjeunna dianggo ngawuruk, ti bumi ka madrasah, ka masjid sareng ka bumi deui, tara kakantun berjamaah, dawam solat sunat sareng shaum. Dina ngabatalkeun buka tina saomna, anjeunna mah cekap ku cai susu sagelas, rengse buka anjeunna ngawuruk santri, rengse-rengse tabuh 10 wengi. Tabuh satu janari anjeunna atos ugah teras ibak kalayan ngarendem salirana dina bak husus. Dina hiji waktos kantos kawenehan cai bak rendeman anjeunna katingal ngagebleg.". Diantawis karomahna, upami aya pasoalan agama anjeunna mah tara kantos buka kitab namung diwaler langsung. Oge hampir tiap dinten tamu sarumping kanggo nyuhunkeun solusi ti anjeunna.
Anapon dina segi perjalanan ngaos, anjeunna apik pisan. "Sok sanaos ibu ramana jalmi sugih, anjeunna henteu mungpang meungpeung ngagunakeun kasugihan sepuhna, anjeunna hirup saderhana." Kasederhanaan sareng Kaapikan tina barang haram parantos dicontoan ku sepuhnya nyalira. Kacarioskeun kanggo bekel putrana anu nuju dipondok, sepuhna ngical suluh nyalira, oge nutuan beas nyalira malih dijajapkeun langsung ku nyalira. Maa syaa Allooh kariim...
Nilik sanad elmu pasantren anu kantos disumpingan ku anjeunna, anjeunna alumni pasantren Ayah Banjar (Cibeunteur), Alumni pasantren Gentur Cianjur, Jamanis sareng anu sanesna. Nilik tempat dakwah anu kantos dicalikan ku aneunna, anjeunna kantos mukim di caket pasar hewan Manonjaya, anjeunna ngadamel masjid nyalira, lami-lami jamaah nyeueuran. Teras dina situasi parantos aman anjeunna mukim di tempat dibabarkeunnana, Maniis Gunung Tanjung dugi ka pupusna.
Upami nilik metoda dakwah anu dilaksanakeun, anjeunna ngagunakeun metoda persuasif atanapi metoda contoh. Henteu waka miwarang salami henteu acan dicontoan ku anjeunna. Katingal dina satiap Natepan Sunat Duha oge Natepan Sunat Tahajud.
Ayeunna pangersa mama parantos henteu aya, aya rasa hanjakal simkuring henteu acan kantos pendak sareng anjeunna, anu palling hanjakal yen sababaraha kali simkuring diajak silaturahmi ku pun guru tapi simkuringna henteu tiasa wae. Ayeunna kabujeng parantos henteu aya.
Namung aya rasa bingah yen Alhamdulillah masih tiasa pendak oge ngaos sareng wargina nyaeta rayina (Ayeuna parantos teu aya), oge alhamdulillah masih keneh tiasa ngaos ka Putuna pangersa Akang Haji Cibungur.
Rupina eta diantawis sejarah anu kadangu langsung ku simkuring ti Rayina sareng Putuna langsung. Mugia aya manpaatna. Hapunten tina samudaya kalepatan. bilih aya anu lepat mangga sarungsum wae dina komentar.
Hatur nuhun.

Comments
Post a Comment