Dinten Jumat teh dinten anu dibarokahan ku Alloh Taala kanggo
umat Islam. Seueur kajantenan agung dina dinten ieu. Diantawisna didamelna Nabi
Adam AS sareng dicabut nyawana, sangkakala malaikat Isrofil di tiup dina dinten
jum’at, panungtungan kahirupan dunya dina dinten Jum’at, sareng
kajantenan-kajantenan anu sanesna. Numawi dina sapalih katerangan dinten Jum’at
sok disebat Sayyidul
Ayyaam, gustina pirang-pirang dinten.
Sae pisan dina dinten ieu urang nyeueurkeun
amalan-amalan anu saediantawisna nyeueurkeun dzikir, sholawat, maos Al-Quran
sareng ibadah anu sanesna. Numawi tos biasa dina dinten et pangaosan-pangaosan
di pasantren atanapi pangaosan ibu/ bapa-bapa diliburkeun supados urang tiasa
anteb dina nyeueurkeun ibadah.
Diantawis hal anu kalintang dikeukeuhkeunnanan
(muakad) nyaeta nyeueurkeun ngadoa dina pas wengi atanapi siangna. Sakumaha
ksauran kangjeng Rosul yen dina sabagean waktos anu 24 jam teh aya saa’atul ijaabah (waktos
anu diijabah) upami urang ngadoa dina waktos eta.
Dina hadits anu diriwayatkeun ku Imam Bukhori
disebatkeun:
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ أَنَّ رَسُولَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ ذَكَرَ يَوْمَ الْجُمُعَةِ فَقَالَ فِيهِ سَاعَةٌ لَا يُوَافِقُهَا عَبْدٌ مُسْلِمٌ وَهُوَ قَائِمٌ يُصَلِّي يَسْأَلُ اللهَ تَعَالَى شَيْئًا إِلَّا أَعْطَاهُ إِيَّاهُ وَأَشَارَ بِيَدِهِ يُقَلِّلُهَا
Hartosna: “Katampi ti Sahabat Abi Hurairah RA, saestuna kangjeng Rosul nyebat dinten Jum’at teras nyaur dina ‘dina eta dinten teh henteu aya anu nyuhunkeun anging Alloh Taala maparin kana kahoyong eta jalmi .‘ Kangjeng Rosul ngaisyaratkeun ku pananganna yen waktos eta teh sakedap.” (HR Al-Bukhari).
Henteu aya Hadits Kangjeng Rosul anu nerangkeun sacara
eces waktos ijabah eta teh, malih sababaraha kateranngan ikhtilaf tina hal eta,
numawi para ulama benten pendapat masalih nangtoskeun waktos ijabah eta.
Numutkeun qaol Madzhab Imam Syafi’i, waktos ijabah anu
dikeukeuhkeun teh nyaeta dinaantara Khotib Jum’at aya dina luhur mimbar (bade
Khutbah) sareng aweh salamna jamaah solat Jum’at.
Qaol eta numutkeun kana katerangan hadits
anudiriwaatkeun ku Imam Abu Dawud di handap ieu:
عَنْ أَبِي مُوْسَى اَلْأَشْعَرِيِّ قَالَ قَالَ لِيْ عَبْدُ اللهِ بْنُ عُمَرَ أَسَمِعْتَ أَبَاكَ يُحَدِّثُ عَنْ رَسُوْلِ اللهِ صلى الله عليه وسلم فِيْ شَأْنِ سَاعَةِ الْإِجَابَةِ؟ قَالَ قُلْتُ نَعَمْ سَمِعُتُهُ يَقُوْلُ سَمِعْتُ رَسُوْلَ اللهِ صلى الله عليه وسلم يَقُوْلُ هِيَ مَا بَيْنَ أَنْ يَجْلِسَ الْإِمَامُ إِلَى أَنْ تُقْضَى الصَّلَاةُ
Hartosna: “Ka tampi ti Abu Musa Al-Asy’Ariy, anjeunna nyaur, ‘Abdullah sumanggem ka simkuring, ‘Naha anjeun kantos ngadangu rama anjeun nyaur ti Kangjeng Rosul masalih waktos ijabah?’Kuring ngawaler, ‘sumuhun.’ Simkuring kantos ngadangu pun bapa ngadangu ti Kangjeng Rosul yen anjeunna ngandika, ‘Waktu ijabah nyaeta waktos diantara calikna imam di mimbar dugi ka rengsena solat Jum’at.”
(HR Muslim dan Abi Dawud).
Masalih waktos sakumaha hadits di luhur, Syekh Ibnu
Hajar al-Haitami ngajelaskeun:
وَالْمُرَادُ أَنَّهَا لَا تَخْرُجُ عَنْ هَذَا الْوَقْتِ لَا أَنَّهَا مُسْتَغْرِقَةٌ لَهُ لِأَنَّهَا لَحْظَةٌ لَطِيْفَةٌ
Hartosna: “Anu dimaksud yen waktos ijabah sanes berarti henteu tina wktos ieu, namung negeskeun yen waktos ijabah teh sakedap pisan .” (Tingal Syekh Ibnu Hajar Al-Haitami, Al-Minhajul Qawim, Hamisy Hasyiyah At-Tarmasi, Jeddah, Darul Minhaj, cetakan kahiji, 2011, juz 4, kaca 345).
Kanyataanna kan nuju khutbah mah jamaah Jum’at
diwajibkeun repeh sareng ngaregepkeun kana naon bae anu diucpkeun ku imam?
Kapanan anteb ngadoa nyalira teh malah patojaiyah sareng kedahna ngupingkeun
sareng ngaregepkeun khutbah.
Syekh Jalaluddin Al-Bulqini sakumaha dicutat Syekh Mahfuzh At-Tarmasi ngawaler di handap ieu:.
وَسُئِلَ الْبُلْقِيْنِيُّ كَيْفَ يُسْتَحَبُّ الدُّعَاءُ فِيْ حَالِ الْخُطْبَةِ وَهُوَ مَأْمُوْرٌ بِالْإِنْصَاتِ؟ فَأَجَابَ بِأَنَّهُ لَيْسَ مِنْ شَرْطِ الدُّعَاءِ اّلتَّلَفُّظُ بَلِ اسْتِحْضَارُ ذَلِكَ بِقَلْبِهِ كَافٍ فِيْ ذَلِكَ
Artinya, “Imam Al-Bulqini ditaros. ‘Moal mumkin jamaah Jumat disunahkeun ngadoa nalaika lumangsungna khutbah padahal urng dipiwarang repeh?’ Anjeunna ngawaler, ‘Doa henteu disyaratkeun diucapkeun. Hadirna hate urang nalika ngadoa atos cekap.” (Tingal Syekh Mahfuzh Termas, Hasyiyah At-Tarmasi ‘alal Minhajil Qawim, Jeddah, Darul Minhaj, cetakan kahiji, 2011, juz 4, kaca 344).
Rupina sakitu diantawis penjelasan masalih waktos ijabah dina dinten Jum’at. Benten kamandang ulama tina hal ieu henteu tiasa diteu ayakeun. Henteu aya anu uninga sacara pasti iraha waktos ijabah teh. Numawi sakitu salami dinten Jum’at lumangsung urang dianjurkeun nyeueurkeun ngadoa sareng ibadah sarta ngaleupaskeun urusan-urusan duniawi, kalayan harepan tinemu kana waktos ijabah anu sakedap eta.
Walloohu a’lamu
Hapunten
tinasanes kanten kalepatan.
Comments
Post a Comment