Makna Sodakoh

Doc: Kagiatan gotong royong ngadamel madrosah di Desa Gunung Kanyere Kota Tasikmalaya
Hiji kisah kanggo lenyepaneun urang msalih “Sodakoh”.

Dina hiji waktos sahabat-sahabat ka  kangjeng Rosul unjukan, para sahabat ieu kalebet anu kirang mampu  dina sisi harta. Aranjeunna sumangem ka kangjeng rosul:

“Jalmi jalmi (anu seueur harta) solat, manga abdi sadaya oge solat, aranjeunna saom, mangka abdi oge saom, aranjeunna sodakoh mangka abdi sadaya mah henteu tiasa kumargi pakir.”

Kisah ieu parantos mashur, aya dina kitab hadits Soheh Muslim oge dina kitab Riyaadus Shaalihiin.

Dina kisah eta aya hal penting kanggo lenyepaneun urang diantawisna sakedhna urang hoyong seueur harta banda teh ngagaduhan tujuan ahir milari karidoan Alloh Taala, hoyong nashorupkeun harta urang kana jalan Alloh Taala diantawisna sodakoh.

Oge diantawis hikmah deui tina kisah eta yen sodakoh teh sanes ku harta wungkul, sanes ku materi wungkul tapi tiasa ku non materi diantawisna ku tanagi atanapi ku elmu. Sakumaha hiji hadits anu katampi ti Ibnu Mardwaih ti ibnu Umar:


مَنْ كَانَ لَهُ مَالٌ، فَلْيَتَصَدَّقْ مِنْ مَالِهِ، وَمَنْ كَانَ لَهُ قُوَّةٌ، فَلْيَتَصَدَّقْ مِنْ قُوَّتِهِ، وَمَنْ كَانَ لَهُ عِلْمٌ، فَلْيَتَصَدَّقْ مِنْ عِلْمِهِ

“Saha bae jalmi anu kagungan harta mangka pek sodakoh tina hartana, saha bae jalmi anu gaduh tanagi mangka pek sodakoh tina tanagina, oge saha bae jalmi nu gaduh elmu mangka pek sodakoh tina elmuna eta.”

Hiji conto aya kagiatan gotong royong ngadamel masjid atanapi madrosah, mangka ka anu kagungan harta tiasa sodakoh ku hartana, ka anu kagungan tanagi mangka tiasa sodakoh ku tanagina diantawisna ngiringan gotong royong, atanapi anu kagungan elmu, saran atanapi kaahlian arsitek mangka tiasa sodakoh ku elmuna boh ku maparin saran, ngiring ngemutkeun oge pang ngadamelkeun desain wangunan.

Wargi-wargi sadaya, sodakoh tiasa ku cara naon bae, bade ku lisan atanapi ku anggauta badan. Simkuring emut kasauran pun guru anu mana anjeunna nukil hadits tina Hadits Arbain, yen satiap bubukuan tina anggauta badan kedah disodakohan. Nyodakohan hal eta tiasa ku solat duha 2 rokaat. Oge aya deui hadits anu kirang langkung pihartoseunnana sapertos kieu:

“Anjeun mesem ka wargi anjeun eta teh sodakoh.”

Malih mah dina satiap kalimah thoyyibah (kalimat-kalimat sae/ dzikir) eta oge ngagaduhan nile sodakoh.

Walloohu a'lamu...

Pamugi urang sadaya dipaparinan hidayah sareng taopek sahingga urang salmina tiasa midamel amal sae nu ngajantenkeun ibadah. Amiin.

Hapunten tina samudaya kalepatan. Haturnuhun!

Comments