KAUTAMAAN MAOS SOLAWAT

Poto: Murangkalih santri/ santriwati Ponpes Miftahul Khoer Gunung Kanyere


Syaikhuna Imam Asy-Syibli sasauran:
Aya hiji tatanggi simkring pupus. Teras simkuring ngimpenkeun anjeunna teras naros ka anjeunna (anu pupus tea).

Anjeunna (anu pupus) ngawaler,”He Syibli! Kuring parantos ngarandapan masa-masa sulit nyaeta nalika kuring ditaros ku malaikat letah kuring karaosna pireu (bisu) kanggo ngawaler eta patarosan malaikat. Saparantos kitu sumping deui dua malaikat anu bade nyiksa simkuring, dina waktos eta jol sumping pameget anu kasep. Kuring teu acan kantos ningal pameget anu kasepna sapertos anjeunna. Anjeunna ngahalangan kuring tina dua malaikat tadi teras nuntun kuring kanggo ngawaler patarosan dua malaikat eta.

Teras kuring teh naros,”Anjeun teh saha?”

Anjeunna ngawaler, “Kuring teh malaikat anu didamel ku Gusti Alloh tina pahala solawat anjeun ka Kangjeng rosululloh SAW. Kapungkur anjeun sering maos solawat ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Mangka ayeun kuring rek nyalametkeun hidep tina sadaya kaperihatin jeung siksa seuneu naraka, kalayan izinna Alloh Taala. Oge kuring moal ninggalkeun anjeun salami anjeun teu acan lebet kana sawarga, kalayan Rohmatna Alloh Taala.”

Yaa Allah... Ya Allah...

He hamba Alloh, Teu kenging petot-petot maoskeun solawat ka Kangjeng Rosululloh SAW! Ciptaan pang saena anu kalayan perantara anjeunna urang tiasa salamet tina panasna seuneu naraka Jahannam, tempat anu poek, pika sieuneun.

Saha bae jalmi anu nyeueurkeun solawat kalayan mikaharep karunia Aalloh Taala, mangka insyaalloh gusti Alloh bakal maparin pitulung ka eta jalmi.

Dicutat tina kitab “Bustanul Wa’izhin wa Riyadhus Sami’in”, Ibnul Jauzi

Walloohu a’lamu bis-showaab....


Comments