Hikmah tina Isro Mi'raj


Masjid Jami' Al Muslimin gunung Kanyere

Alhamduliillah urang muji syukur ka Alloh Taala wirehna urang masih kene dipaparin yuswa utamina dina ieu sasih urang aya dina sasih anu mulya buktosna sasih Rojab. Sasih ieu teh diantawis sasih anu dimulyakeun ku Alloh Taala, oge seueur para ulama anu nyebat sasih ieu teh sasih anu pinuh ku barokah.

Disebat sasih anu mulya sinareng sasih anu barokah teh margi dina ieu seueur pisan kautamaan sinareng ngawengku nile sajarah diantawisna di-Isro sareng di-Mi’rajkeunnana Kangjeng Rosululloh SAW.

Sakumaha kasauran guru-guru, seueur pisan hikmah anu tiasa ku urang dicandak oge dilarapkeuneun dina kahirupan urang sadayana tina kajantenan Isro Mi’raj teh diantawisna saupami urang hoyong sukses mangka kedah peurih heula. 

Sa teu acan Isra Mi’raj kangjeng rosul di pasihan cocobi ku Alloh Taala anu mana cocobi eta kalintang ageungna, sahingga dina waktos eta disebat “ammul huzni” (tahun kaperihatinan). Dina tahun eta Kangjeng Rosul dikantukeun ku jalmi-jalmi anu paling dipikacinta, numawi Alloh Taala maparin pangbibingah ku nga-Isrokeun sareng nga-Mi’rajkeunnana anjeunna.

Hikmah kanggo urang diantawisna di sapengkereun kaperihatinan, kasulitan sinareng ujian bakal sumping kagampilan sareng kabahagiaan anu dipaparinkeun ku Alloh Taaala. Kanggo anu nuntut elmu misilna santri, kasulitan anu aya di pasantren bakal ngabuah kagampilan di masa anu bakal datang. Kanggo kaum usaha, kasulitan dina milari ma’isyah insyaAlloh bakal ngabuah kana kasenangan dina pada ahirna.

Saupami hoyong ningal endahna panon poe bijil, potret pasawahan anu hejo, jeung endahna Kota Sumedang mangka urang kedah susah payah heula naek kana Gunung Tampomas. Hartosna kanggo ngaronjat kasuksesan teh urang kedah berjuang atanapi susah payah heula. Jalmi sukses tanpa ayana perjuangan moal mungkin ayana.

Nalika Nabi Muhammad SAW bade di-Mi’rajkeun, di langit kahiji diteangkeun sareng Kangjeng Nabi Adam AS. Parantos kamaklum yen Nabi Adam teh ramana manusa. Tina sajarah eta urang tiasa nyandak ikmah yen upami urang bade kamana wae atanapi bade midamel naon bae mangka kedah izin heula ka sepuh, ibu sinareng rama.  Suhunkeun doa sareng ridona margi karidoan Alloh Taala gumantung kana karidoannana ibu rama urang ka urang.

Alhamdulillaah..
Hatur nuhun sinareng hapunten tangtos kotretanna seueur kalepatan.

Comments