![]() |
Doc: Pamuda Cibngur nuju ngarujak |
R U J A K B E B E K
"Ieu pamuda atawa Emak-emak?" Geretes hate simkuring pas kamari diajak nyieun rujak bebek.
Rujak bebek hiji warisan luluhur urang dina segi kadaharan. Ieu kadaharan teh lumayan bisa dipake obat galau hususna jang para jawara jomblo. hee.
Awalna mah simkuring oge asa teu percaya pamuda-paduda babaturan kuring bisa nyieun rujak. Anu kabayang dina hate kuring, "Pasti rasana teu puguh, pait teuing, kurang uyah jeung sajabana". Tapi keun be simkuring nuturkeun kahayang maranehna sabab panasaran kana hasilna. Simkuring ngasaan deui rujak bebek kamari pas mulang. Liburan ka lemah cai kuring. Cibungur Tamansari.
Bumbuna geus lemut, mimiti bahan-bahan pokona diasupkeun. Gedang, sampeu, cangkudu, comrang, nepi ka pepentul nangka diasupkeun. Kuring henteu aneh sabab ngaranna oge rujak bebek.
Geus beres, simkuring jeun para kancah ngadahar eta rujak. Ari pek teh. Ngeunah oge. Teu beda sareng rujak bebekna nu sok dagang di daerah kota. hee.
Dina nalika nyieun eta rujak, simkuring jeung balad-balad babanyol masalahrujak. Sahingga banyolan harita nepi kana ngabahas tahayul-tahayul (mitos) anu aya hubungannana jeung rujak.
Kahiji, aya tahayul yen gedang anu geus dipesek ulah dikumbah, sabab bakal liat (alot; Red Indonesia). Tapi duka enya-duka henteu. Sigana nu puguhna mah maranehna arembungeun ngumbah. ahaa
Kadua, aya mitos yen anu nutuan (Ngulek; Red Indonesia) kudu ku saurang. Sabab hasilna engke rujakna moal ngeunah. Kamandang simkuring mah ieu oge alesan yen babaturanna embung cape pipilueun nyieun.
Katilu, aya tahayul yen lamun rujakna karasana pait, mangka anu nutuanna (nyieunna) hayang geuwat kawin. Tapi sih kaharti oge sabab kamari teh 99,9 persen anu nyieunna jaromblo. Kaasup kuring. Atawa deuih lamun rujakna karasana tiis ku uyah mangka eta ciri yen anu nyieunna embung waka kawin. Aduh.. aya-aya wae.
Kaopat, aya tahayul yen lamun urang notor kana dulang (ngadahar rujaktina dulang/ coetna langsung) mangka urang teh bakal kawin jeung nini-nini.Tah palebah tahayul eu mah balad-balad rada marerod, sabab kuring wae sorangan embung kawin jeung nini-nini mah. Paur karacunan Susu kadaluarsa. Heuheu..
Tah eta sabagian tahayul anu pikeun umat Islam mah ulah percaya kana anu samodel kitu. Inget sadaya takdir eta kersaning Alloh Ta'ala. Maenya takdir Alloh eleh ku rujak bebek? Kan teu rame? ahaha...
Comments
Post a Comment