Nama : Deni Setiawan
Tempat Tgl Lahir : Tasikmalaya, 04 Desember 1991
Alamat : Jl. Setiawargi Cibungur RT 02 RW 05 Kel. Tamansari Kec. Tamansari Kota Tasikmalaya Jawa Barat
Pengalaman Pendidikan Formal : SDN Tamansari Tasikmalaya, MTs Raudlatut Ta'allum Cidahu, SMK MJPS 3 Tasikmalaya, STAI NU Kota Tasikmalaya.
Atanapi identitas simkuring sreng aktifitas simkuring tiasa di tingal dina FB Deni Setiawan As-Sundawi oge klik chanel youtube simkuring Deni Setiawan di dinya seueur nadom sunda warisan ulama kapungkur.
Dina masalih identitas simkuring lebih pokus nerangkeun perjalanan pendidikan simkuring. Hal ieu penting kumargi pertanggung jawaban elmu agama islam mah sanes ngan saukur di dunia tapi parat dugi ka aherat. Kedah puguh eta sumber ilmuna ti mana sareng guruna saha.
Dina masalih identitas simkuring lebih pokus nerangkeun perjalanan pendidikan simkuring. Hal ieu penting kumargi pertanggung jawaban elmu agama islam mah sanes ngan saukur di dunia tapi parat dugi ka aherat. Kedah puguh eta sumber ilmuna ti mana sareng guruna saha.
Simkuring asli orang Tasikmalaya, Pangalaman ngaos simkuring kantos ngaos nuju alit (malih mah ayeuna oge masih sok silaturahmi ka pangersa) di DKM Al-Muhtariyah Cibungur pangersa Bapa Aj. Abdul Halim mugia anjeunna dipapari barokah yuswa. Amiin.
Di anjeuna simkuring diajar ngaos alif-alifan (metode baca Qur'an Al-Bayan) kinten-kinten kenging 3 tahun. Teras simkuring ngalih ka palih hilir ngaos ka pangersa akang KH. Affandi alumnus Pasantren Bantar Gedang sareng Miftahul Huda Pusat manonjaya, oge ngaos ka pangersa akang Aj. Dudung. Di aranjeunna simkuring diajar ngaos diantawisna bandungan sareng sorogan ngaguar elmu/ fan Qiroatul Quran, Taohid, Fiqih, Tasawuf, jeung elmu Alat jeung sajabina.
Ngalih sakola ka SMK simkuring oge ngalih ngaos ka Pasantren Hidaayatut Taufiq kagungan Pangersa Aj. Dudu sarenng Aj.Eeng Sangkali, Nuju kelas dua SMK simkuring ngalih deui masantren ka Ponpes Miftahul Khoer Gunung Kanyere kagungan Pangersa KH. Ipin Tasripin sareng KH. Dedi Rustandi (Alm) dugi ka ayeuna kirang langkung parantos 7 tahun (02/04/2018). Alhamdulillah.
Akhir kata simkuring ngadoa ka Alloh Taala mugia guru-guru simkuring aya dina rohmat Alloh Taala sareng aya dina ginanjar kawilujengan. Amiin
Simkuring i'tidar ti ayeuna, hapunten tangtos dina kotreta simkuring bakal aya anu lepat da wajar panginten simkuring nganiatan diajar.
Oge simkuring ngadoa mudah-mudahan salamina aya dina pitulung Alloh SWT. Amiin
Comments
Post a Comment